Selasa, 23 Desember 2008

DAFTAR LAGU

  1. DEGUNG SUNDA MEKAR
  2. PAPATET 
  3. PANGAPUNGAN
  4. DEGUNG PANGGUNG
  5. JEMPLANG PANGATEN
  6. PAMIRIG - J. CIDADAP
  7. JEMPLANG TITI   
  8. DEGUNG UJUNG LAUTAN 
  9. BAYUBUD-LIWUNG-TEGAL      
  10. DEGUNG MANGU-MANGU  
  11. SINOM DEGUNG
  12. DANGDANGGULA  DEGUNG      
  13. PANANGIS DEGUNG      
  14. DEGUNG PUTRI LAYAR    
  15. DEGUNG MANINTIN    

PANGJEJER

DPKLTS

Hj. Tuti Karman Somawidjaja
Chandra Maulana, SE


Penembang

Hj. Tuti Karman Somawidjaja
Dadan Endoe S. Apandi
Hj. Ayi Satrianah Bustomi
Nunung Sunarti Endoe S. A
Iceu Ali Djajakoesoemah
Eti Ali Djajakoesoemah
Hj. Mulyati (almh)
Tata Sutaryat, S.Si


Pamirig

Tata Sutaryat, S.Si (Kacapi Indung)
Asep Bambang P (Suling)
Dadan Endoe S. A (Suling Instrumental)
Dadang Mulyana (Kacapi Rincik)

RUMPAKA

mpi raratan yen Cianjuran teh ngandung 
ma'na Cai Anjuran ti luluhur 
anu karagungan 
cipta, karya, karsana 
kanggo wariskeuneun, 
tawis asih ka seuweu-siwi, 
malar parendak sareng 
jiwa kasundaanana. 
Dina hartos 
wawuh ka isunna 
kenal ka Pangeranna.  
Saur para kasepuhan, 
beh ditu-dituna mah 
ieu seni waris teh disebat 
seni waris Tembang Pajajaran 
anu ngandung 
jiwa sareng falsafah 
ka-Siliwangi-an,
silih asah, silih asih jeung silih asuh. 
Dina taun 1834 -1862 
ieu budaya waris teh 
kantos digugah 
sareng dikembangkeun 
ku yasana 
Dalem Pancaniti (R.A.A Kusumahningrat) 
anu janten Bupati Cianjur harita.
Dumasar kana hal eta, 
Mimitran Tembang Sunda 
seja ngaguar tutungkusan karuhun, 
midangkeun 

Tembang Waris Padjadjaran !

Lenyepanna:

Niat rek ngaji maca sarsilah diri 
mayunan nu Kagungan Hirup, 
manjing dina: 
“Iqro bismi Robbikalladzi kholaq”. 
Maca dadamelan Kersana 
anu aya dina sapaparat jalan kahirupan, 
dina kujur tangtung diri, 
dina kalangkangna rasa. 
Nya kabukana anging 
ku nu tareuleum (ngacapang/ngawih) 
dina setraning rasa, 
rasa jatining kawula. 
Nu di'aub ku kaakbaran Pangeran 
(dilingkung Gunung), 
nu ngancik dina 
wadah Kahyangan (wahangan).


Janten tetela seni Cianjuran teh lain saseni senina, 
seni anjuran para Luluhur nu luhung. 
Kari urang nu nampina sing boga rasa rumasa. 
Lir buah asak di tangkal, na saha nu melakna? 
Urang ngan kari ngalana, 
henteu terang dihesena.
Cag.

NEULEUMAN UNGKARA RUMPAKA

Dina ngajugjugan lagu-lagu dina 3 laras sareng 4 wanda teh, sajabi tiasa kapendak dina laguna, oge tisa kapendak dina lirik (rumpaka) anu sajiwa, safalsafah sareng saajen dina kualitasna. Urang papay dina laras Pelog, wanda Pantun, nyaeta lagu pamuka lawang saketeng, diawitan ku:

Narangtang:

Bukakeun panto bangongong
 jalan gede sasapuan
nyanggakeun balungbang timur 
caang bulan opat welas.

Lenyepanna: 
Diawitan ku mukakeun panto kalbu salebar-lebarna, 
meresihan jiwa malar caang padang narawangan.

Diteraskeun kana lagu: 


Papatet:

Amit rek ngawih saeutik 
sarsilah Aji Batara
nya pondok beunang miloko 
panjang beunang ngungang-ngungang
ditulisna dina gebang 
dina gebang sewu lontar
 di teundeun di sisi jalan
dina iuh-iuh tanjung

 Dina kalangkang katapang
ku paraji mo kabukti
ku pandita mo kabuka
kabuka ku nu ngacapang
kapanggihna ku nu ngawih
sarsilah ti Pajajaran
 dayeuh dilingkung ku gunung
 pernahna sisi wahangan.

TEHNIK TETEMPATAN SORA

Ngajugjugan jiwa lagu dina 3 laras sareng 4 wanda
 mamaos Cianjuran teh kedah kateuleuman 
ku tehnik tetempatan sora. 
Dina asuhan para Kasepuhan anu uninga 
kana sedongan-sedongan rasa, 
anu tiasa ngebrehkeun tetes jiwa laguna 
dina tatanan laras sareng wandana.  
Binaan anu kacida abotna 
upami teu disarengan ku kasabaran sareng kauletan, 
boh guruna  boh muridna. 
Kirang-kirangna mah 
seueur anu boboleh ditengah jalan.
Padahal tehnik tetempatan sora teh mangrupi 
binaan anu mutlak kedah kapendak 
kanggo ngahontal anu janten jugjugan 
seni mamaos ieu.  
Nyaeta milari kamurnian sora 
anu kaluar tina kamurnian jiwa anu nembangna.  
Bijil tina jati dirina, 
anu janten tujuan utama dina seni waris ieu, 
jalan kanggo panggih jeung dirina, 
pendak sareng Pangeranna. 


Sapertos dina ungkara nu kaunggel dina wangsit:

Sora teh titipan rasa
ari rasa bejana jatining kula
ari kula eta kaulaaneun

Rasaning rasana kula
rasa kula permana Allah
eta ayana dina kalemesan rasa
dina rasa anu sabiasa
dina rasa anu “dua”  tunggal sarasa

CIANJURAN

KAJIAN 
(Hj. Tuti Karman Somawidjaja) 

LARAS SARENG WANDA TEMBANG CIANJURAN

Visi sareng misi Tembang Cianjuran digambarkeun dina 3 Laras sareng 4 Wanda: 
1.   Laras Pelog
Mangrupa gambaran visi kajian hirup anu ditata dina 4 wanda (tahapan),  nyaeta:  
a.   Pantun 
Ngajugjugan hakekat diri dina kahirupan nemonan Nu Maha Nyipta, 
Mahluk ka Nu Maha Kholikna.  Ngajugjugan sajatining diri malar wawuh ka Pangeranna. “Man arofa nafsahu, faqod arofa Rabbahu”  (Lamun geus nyaho ka dirina, tangtu bakal nyaho ka Pangeranna). Tetempatan sorana disimpen dina sedongan rasa anu paling jero, mangrupi sora dasar dina tahap ka-1 (hiji).
b.   Jemplang 
Ngagambarkeun rencana-rencana jeung harepan pilakueun hirup, malar puguh nu dijugjug dina karidhoan Nu Maha Murah tur Asih.  Tetempatan sora dina tahap ka-2 (dua).
c.   Rancag
Tetempatan sora dina tahap ka-3 (tilu) anu eusina cumeluk, umajak hirup kumbuh jeung papada kawula, babarengan dina kahirupan anu luyu dina; “Rahmatan lil 'alamiin”.
d.   Degung
Tetempatan sora dina tahap ka-4 (opat), anu lantunan sorana bebas leupas nyawang adeg-adeg kaakbaran Nu Maha Agung anu kagungan cipta, dadamelan dina alam semesta anu tan wilangan sareng tan wangenan.
2.  Laras Sorog
Jiwa anu keur ngoteteng neangan jalan pikeun wawuh kadiri anu sajati, malar pendak sareng Nu Maha Nyiptana.  Tina laras pelog nyorog kana laras salendro, nyieun tetecean neangan hambalan geusan mukakeun lalangse diri.
3.  Laras Salendro
Jiwa anu parantos kabuka (Mukasyafah) kana kajian hirup, 
saperti nu kaunggel dina lagu Sebrakan Sapuratina.
Laras salendro cocok kanggo penembang anu fitrah (bakat) dina jiwa salendro. Penerapannana langkung umum didugikeun ku Dalang nuju ngawayang. 
Ibarat Maha Khalik ngatur mahlukna anu teu daya teu upaya. 
Paling henteu tiasa oge diterapkan dina pidangan Gending Karesmen, 
dina jiwa raja anu pinuh ku wibawa cumeluk ka rahayatna.